Jumat, 20 Mei 2011

HYMNE SDN 1 CIBODAS


HYMNE SDN 1 CIBODAS
Rumpaka: Tatan Sontani, Ama.Pd
Tempat endah panineungan
Waktu kuring keur diajar
Di SDN Cibodas hiji
Mata genah tumaninah

Liuhlinduh ku tatangkalan
Bugenvil panghudang rasa
Rasa endah pamandangan
Ngahias buruan sakola

Di dinya kuring nungtut elmu
Sangka hirup teu kaliru
Di dinya kuring diajar
Pibekeleun urang jaga

Pangwangunan nu kiwari
Jadi ciri nu mandiri
Hayu urang dukung urang rojong
SDN Cibodas hiji

Tidak ada komentar:

Posting Komentar